Bubuka acara

Assalamualaikum wr wb.
Langkung tipayun anu kusimkuring dipikahormat al'mukarom..(Nami tokoh)
anu sami-sami linggih kana iye riungan,anu kusimkuring dihormat
Sareng di mulyaken,pamudah-
Mudahan oge dimulyaken ku allah
Swt..

Oge ka para sesepuh tokoh agama
Tokoh masarakat,tokoh adat,aparatur pemerintah tisipil waima militerna,anu sami hadir kina iye tempat mungguh allah swt,anu teu tiasa kusimkuring desebatken nami satu persatuna
Tapi teu ngirangan rasa ta'dzim kuring ka mantena...

Oge teu hilap kapara bapa ibu sakalian,nu ti palih kalerna,nutipalih wetan,nutipalih kulon sareng nutipalih kidulna Ana parantos laksana hadir kana iye riungan,anu kusimkuring dipikahormat sareng dimulyaken Pamudah-mudahan oge di mulyaken ku allah swt..amin..!!!

Pertama-tama hayu urang sadayana panjatken puji syukur Kehadirat allah swt anau mana mantena parantos ngairodah wabil khusus ka pribados umumna nyaeta ka urang sadayana

Anu alhadililah urang sadayana
Parantos dipasihan panjang umur
Otak anu sehat,rizki anu padat diwuwuh rahmat sinareng magfiroh nalika sakarat jaga ke dipoe kiamat.

alhamdulilah urang sadayana parantos dipasihan kani'matan Ku allah swt,anu diantawisna ni'mat anu kacida pohara agengna Nyaeta ni'mat iman sinareng islam

Berkat ni'matna iye urang sadayana parantos tiasa dina iye riungan riung menpulung diharepen panggung,ngemprak dihamparan samak,kumpul ngariung bongkok ngaronyok,patepung laung sareng
Nu make tiung,patepang wajah sareng numake kopiyah,pamprok jonghok sareng numake androk.
Alhamdulilah hirobbil alamain.!!!

Solawat sinareng salam hayu urang sadayana curahken/limpahken ka junjunan urang nyaeta habibana wanabiana wamaulana muhammad saw..

Gulur ningcatur tisimkuring kapara
Dulur,anu akur jeng batur,anu akur sadapur,akur sakasur,sareng akur salembur,ciga ga'ak jengtikukur ayana pada diluhur tara silih bentur...

Anggapkenmah regepken tisimkuring mere pepeling pamudah-mudahan masing dihampura ku allah numaha gopur Kalayan jadi ganjaran ngaguluyur
Jaga ke di poe kubur..

Bubuka ning carita tisimkuring ka para hadirin sadaya tua atau pun muda,anu parantos laksana hadir kana tempat anu mulya mungguh allah,mudah-mudahan urang sadayana masing dihamfura dosa ku allah subhanahu wataala,kalayan di jauhken tina siksa akhirna malah mandar di asupken kasawarga..amin..!!!

Sete acana simkuring nyariosken anu bade dibabar,simkuring nyuhunken di hapunten tisamudaya kalepata sareng kakirangana,tina kecap rengkah polah,bilih cariosan kuring mantak teu ngenah cumeletit kana ati sumarambah kana bayah,ngabelentrang kana tarang
Ngabeletrek kana kelek,ngabeletrik kanu kercalik,bilih nendag kanuker dagang,bilih nyinggung kanu make tiung,bilih nyepak kanu ker ngadangkak,ngagetrok kanu make anrok..simkuring nyunken dihafura kumah bu pa...?

Alhamdulilah caang bulan tanggal 14 balungbang timurjalanan gede
Sasapuan sien jadi gagantar kakait
Jaga ke di poe kiamat.

sareng kapara sesepuh
Simkuring nyuhunken pangleresken bilih aya nusalah cariosan uraiana,kumargi simkuringmah masih mubtadi..
Nyaeta jalmi anu nyandak kana saetik-etikna elmu sareng tacan kawasa nasaurken masah sareng ngadegen dalil.

Benten umpami sareng kiyai atanapi jalmi alim mah nyaeta ta'rif na th,man kasirol ilmi walam yakdir ala taswiril masalati waiqomati dalil. Hartosna:jalmi anu seer elmuna sareng kawasa nasahurken masalah sareng ngadegen dalil..

Hadirin kaumuslimin rahimakumulallah.

nangtungna atanapi ngadegna simkuring dina iye riungan sanes sugih kupangarti jembar kupanalar Perteng timu carita pertek kuilmu mantek..mun cek paribahasanamah lauk buruk milu mijah pepetek milu kakejek.. Isinamah asa dimana para hadirin, Kumargi asa tacan pantes kikiyean Masih kosong elmuna tacan aya pangarti...

Kata kata

Jalma jadi pajabat,jalma ngagaduhan pangkat moal lila,moal lila sing inget pangarti anu jadi kagagahan kapangkatan Anu dipiwegah kabeh elas eweh paidahna tanpa hirup dibarengan ku kaimanan jeng katakwa'an kanu kawasa

Ulah waka ngenah hate dumeh manusa disebut mulya. Ulah waka bekah liang irung dumeh manusa disebut mulya.. Jalma anu disebut milya th jelma anu ges bisa ngagunaken akal pikiran pamudi rasa jeng prasaana di jalan allah swt..

Segitu aja sobat pegel ngetiknya.
Dan sobat tinggal susun saja mana yang akan digunakan sebagai muqodimah acara..

Kenging ticianjur..punten umpami kata-katana aya kirang anu kaharti

Comments

Popular posts from this blog

KHUSUS PENGGUNA TELKOMSEL ADA TRIK NELP DAN SMS GRATIS