Assalamu’alaikum Wr. Wb. Langkung tipayun, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa, puji kanu maha suci, sukur ka Allah Anu Maha Ghofur. Numana manteuna parantos maparin Ni’mat ka urang sadaya, sahingga urang sadaya tiasa pateupung lawung paamprok jonghok dina ieu kaseumpeutan. Sholawat sinareung salam mugia kakocorkeun ka panutan sadaya alam, anu parantos ngeumban tugas ti gusti Alloh pikeun nyandak pituduh Al-Qur’an sareung nyandak agama anu hak nyaeta kanjeung nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tabi’in tabi’atna, anu miconto tur nuladan kana tapak lacak manteuna ti kawit dugika ayeuna. Anu dipihormat bapa kapala sakola, anu di piati Ibu miwah bapa Guru, oge anu di tungu-tungu rerencangan sadaya. Ngadeugna sim kuring dina dangeut ayeuna, taya sanes seuja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung di gedeng kendang gede pakauman, dag-dig-dug rasana ati, rumasa simkuring mah taya kabisa, sanggeum paripaos tea mah etang-etang lauk buruk milu m